B u b u k a

B u b u k a

Ari sadaya puji eta
tetep kagungan Alloh, anu mangeranan ka sadaya alam.

Ari balukar sae eta tetep pikeun jalma anu taqwa, sareng ari rohmat sareng ka hurmatan eta tetep ka Gusti urang sadaya, tegesna
Kangjeng Nabi Muhammad saw, sareng ka kulawargina, sareng ka para shohabatna.
-

I m a n

NAON ARI IMAN

Di mana-mana ditanyakeun ka anjeun naon ari iman? Mangka jawabna, nyaeta: Iman abdi ka Alloh jeung ka Malaikat Alloh, jeung kana pirang-pirang Kitabna Alloh, jeung
ka pirang-pirang Rosulna Alloh, Jeung kana poe akhir, jeung kana papasten, tegesna alus-alusna papasten jeung goreng-gorengna papasten ti Gusti Alloh.
-

Ngimankeun Ka Allah Ta'ala

KUMAHA ARI NGIMANKEUN KA ALLOH

Di mana-mana ditanyakeun ka anjeun naon jeung kumaha eta iman anjeun ka Alloh? Tah ari jawabna, nyaeta: Yen saenyana Alloh Ta'ala eta Anu Sahiji, tur Anu Hirup, tur Anu Uninga, tur Anu Kawasa, tur Anu Ngersakeun, tur Anu
Ngarungu, tur Anu Ningali, tur Anu Ngadawuh, tur Anu Tetep, tur Anu Ngadamel, tur Anu Ngarizkian, tur Anu Mangeranan, tur Anu Ngarajaan Kalawan Saenya-Enyana Ngarajaan, teu aya anu ngabandingan, jeung teu aya anu nyarupaan.
-

Ngimankeun Kana Malaikat

KUMAHA ARI NGIMANKEUN KANA MALAIKAT

Di mana-mana di ucapken ka anjeun naon jeung kumaha iman anjeun ka Malaikat? Ari jawabna, nyaeta: Yen saenyana Malaikat eta pirang-pirang golongan, nyaeta tetep ti sapalihna Malaikat Anu Ngagotong Arasy, Anu Ngubeng Arasy, Malaikat Ruhaniyyun, Karobiyyun, saparotoh tegesna Jibril, Mingkail, Isrofil,Ajroil. Jeung tetep ti sapalihna Malaikat nyaeta
Malaikat Tukang Ngariksa, jeung tina sapalihna nyaeta Tukang Nulisken.

Ari sakabeh Malaikat eta pirang-pirang makhluk, tur pirang-pirang abdina Alloh, jeung henteu kasifatan eta Malaikat ku sifat
lalaki jeung teu kasifatan ku sifat awewe, jeung henteu aya syahwat jeung nafsu ka eta Malaikat, jeung henteu aya bapa, indung, teu ngaleueut, teu tuang, jeung teu nyulayaan eta Malaikat ka Alloh kana perkara anu tos diparentahkeun eta perkara ka eta Malaikat, jeung pada migawe eta Malaikat kana perkara anu tos diparentahkeun kana eta perkara.

Ari Mahabbah
Ka Malaikat eta syaratna iman, jeung ari benduna ka Malaikat eta Kufur.
-

Ngimankeun Kana Kitab-Kitab Suci

KUMAHA ARI IMAN KANA KITAB

Di mana ditanya ka anjeun, kumaha ari iman anjeun kana kitab, mangka jawabna, nyaeta: Saenyana Alloh nurunkeun kitab ka pirang-pirang Nabi.

Ari eta kitab anu diturunkeun tur anu henteu dijieun, tur anu qodim, tur henteu kalawan direka-reka ku kahayang lisan jalma.

Saha jalma anu mangmang kana eta kitab, sanajan sa-ayat tina pirang-pirang ayat, eta
temen-temen kufur ka si eta jalma.
-

Jumlahna Kitab Suci

AYA SABARAHA ARI KITAB

Di mana-mana ditanyakeun ka anjeun sabaraha kitab anu diturunkeun ku Gusti Alloh ka pirang-pirang Nabi? Mangka jawabna, nyaeta: Aya 104 kitab anu diturunkeun ku Alloh
ka pirang-pirang Nabi.

10 Kitab ka Nabi Adam as.

50 Kitab ka Nabi Syits as.

30 Kitab ka Nabri Idris as.

10 Kitab ka Nabi Ibrohim as.

Ari nu 4, nyaeta:

Kitab Injil ka Nabi Isa as.

Taurot ka Nabi Musa as.

Zabur ka Nabi Daud as.

Al-Quran ka Kanjeng Nabi Muhammad saw.
-

Ngimankeun Ka Para Nabi

KUMAHA ARI NGIMANKEUN KA PARA NABI

Di imana-mana ditanya ka anjeun kumaha tingkahna iman anjeun ka pirang-pirang Nabi? Mangka jawabna, nyaeta: Ari anu pang-awalna Nabi Nyaeta Kanjeng Nabi Adam as. Jeung ari nu pang-akhirna Nabi nyaeta Kanjeng Nabi Muhammad saw.

Ari sadaya Rohmat muga tetep ka Nabi kabeh, tegesna sakabehna Nabi.

Ari sadayana Nabi eta nyata-nyata Anu
Ngabejakeun, tur Anu Nganasehat, tur Anu Bener, tur Anu Nganepikeun, tur Anu Ngamarentah, tur Anu Kapercayaan Alloh, tur Anu Diraksa Tina Dosa Alit Sareng Dosa Ageung.

Jeung ari cintana ka pirang Nabi eta syaratna iman, jeung ari benduna ka pirang-pirang Nabi eta kufur.
-

Nabi-Nabi Anu Gaduh Syari'at

SABARAHA NABI ANU GADUH SYARI'AT

Di mana-mana ditanyakeun ka anjeun, sabaraha Nabi anu tetep ti pirang-pirang Nabi anu ngagaduhan syareat? Mangka jawabna: Aya 6, nyaeta:

1) Nabi Adam as.

2) Nabi Nuh as.

3) Nabi Ibrohim as.

4) Nabi Musa as.

5) Nabi Isa as.

6) Kanjeng Nabi Muhammad saw.

~ Ari pirang Rohmat Alloh eta tetep ka para Nabi kabeh ~

Jeung ari syareat para Nabi eta anu disalin ku syareatna Kanjeng Nabi Muhammad saw.
-

Jumlah Nabi Jeung Rosul

SABARAHA ARI JUMLAH NABI JEUNG ROSUL

Di mana-mana ditanyakeun ka anjeun, sabaraha jalma anu tetep ti pirang-pirang nabi? Mangka jawabna: Eta aya 124 rebu Nabi.

Di mana-mana ditanyakeun ka anjeun, sabaraha Nabi ti pirang Nabi anu diutus kabeh? Nyaeta aya 313 anu diutus.

Di mana-mana ditanyakeun ka anjeun, ari jenengan Mursalin jeung bilangan Mursalin, eta syarat Iman lain? Lain, lantaran nganyahokeun kana jenengannana eta mungguh urang sadaya teu jadi kana syaratna iman, karana dawuhan Alloh anu hartina: "Eta tetep ti sawareh mursalin rosul anu nyaritakeun Kami ka anjeun. Jeung eta tetep ti sawareh mursalin rosul anu henteu nyaritakeun Kami ka anjeun".
-

Ngimankeun Kana Poe Akhir

KUMAHA ARI NGIMANKEUN KANA POE AKHIR

Di mana-mana ditanyakeun ka anjeun, naon jeung kumaha eta iman anjeun ka poe akhir? Mangka jawabna, nyaeta: Yen saenyana Alloh Ta'ala
eta ngamaotkeun ka pirang-pirang makhluk, tegesna sakabeh makhluk, anging makhluk anu aya di sorga jeung dina naraka, jeung ngahirupkeun ka makhluk, jeung ngumpulkeun ka makhluk, jeung ngahisab ka makhluk, jeung ngahukuman Alloh antara makhluk kalawan adil, jeung ari jalma anu bukti eta si jalma salian malaikat, jin, manusa, mangka anu kabeh eta narima ujur, jeung ari jalma anu bukti eta si jalma pasek, eta henteu tetep salawasna dina naraka sabada dihisab.

Anapon ari jalma mu'min eta tetep di sawarga, tegesna langgeng.

Henteu ruksak sawaraga jeung naraka, jeung teu ruksak ahli sawarga jeung ahli naraka.

Saha jalma anu mangmang kana sawarehna eta perkara, temen-temen kufurna eta jalma.
-

Ngimankeun Kana Papasten Hade Jeung Goreng

KUMAHA ARI NGIMANKEUN KANA PAPASTEN HADE JEUNG GORENG

Di mana ditanyakeun ka anjeun, kumaha ari iman anjeun kana papasten, alusna papasten jeung gorengna papasten?
Mangka saenyana Alloh Ta'ala eta ngadamel ka pirang-pirang
makhluk, marentah Alloh nyegah Alloh, jeung ngadamel Alloh kana Lohil Mahpud, jeung ngadamel Alloh kana qolam, jeung marentah Alloh kana Lauh, jeung qolam kana nulisken Lauh, jeung qolam kana pirgng-pirang padamelan hamba-hamba Alloh, jeung ari to'at eta tetep kalawan qodona Alloh Ta'la, jeung kalawan papasten Alloh di jaman azali, jeung kalawan pamasti Alloh, jeung kalawan parentah Alloh, jeung kalawan ridona Alloh, jeung ma'siat eta kalawan qodona Alloh Ta'ala jeung papasten Alloh Ta'ala, jeung kalawan pangersa Alloh di jaman azali.

Lain eta ma'siat kalawan parentah Alloh, jeung lain ridona Alloh, jeung ari makhluk eta di ganjar kusabab to'at, jeung disiksa eta makhluk ku sabab ma'siat.

Jeung ari sakabeh eta ganjaran jeung siksa eta tetep kalawan jangji Alloh jeung ancaman Alloh.
-

Iman Cahaya Hate

ARI IMAN ETA CAHAYA DINA HATE

Di mana ditanyakeun ka anjeun, ari iman narima kabagi atawa henteu? Mangka ari iman eta henteu narima ka bagi, karena iman eta cahaya dina qolbu, hal anu tetep ka Bani Adam, lantaran ari
iman eta hidayah ti Gusti Alloh Ta'ala ka eta jalma.

Saha anu ingkar eta si jalma kana hiji perkara anu tetep kana eta perkara tina hidayah, mangka temen-temen kufur eta si jalma.

Di mana ditanyakeun ka anjeun, naon anu dimaksud iman? Mangka ari iman eta babasaan tina taohid.

Di mana ditanyakeun ka anjeun, ari sholat, puasa, zakat, cinta ka malaikat, cinta kana pirang-pirang kitab, jeung cinta ka
para rosul, jeung cinta kana papasten alus jeung goreng ti Gusti Alloh Ta'ala, jeung salian madkur, tegesna tina parentah kana alus jeung nyegah tina mungkar, jeung anu kana sunnat Kanjeng Nabi saw.

Naha ari anu
cinta teh eta tetep tina iman atawa lain? Jawabna: Lain. Karana saenyana iman eta babasaan tina taohid, jeung ari salian taohid eta syarat anu tetep tina pirang-pirang syaratna iman.

Di mana ditanyakeun ka anjeun, ari iman eta sipat toharoh atawa lain? Mangka ari iman eta Bi Sifati Thoharoh, jeung ari kufur eta tetep Bi Sifati hadats, jeung narima batal kusabab kufur naon sakabeh anggota.

Di mana ditanyakeun ka anjeun, ari iman eta dijieun atawa henteu di jieun? Mangka ari iman eta hidayah ti Gusti Alloh Ta'ala, jeung ngabenerkeun ku hate kana perkara anu datang eta perkara ti Kanjeng Nabi saw mungguh Alloh Ta'ala, jeung ngucap ku lisan.

Ari hidayah damelan Pangeran. Ari damelan Pangeran eta Qodim. Ari ngabenerkeun jeung ngucapkeun eta padamelan hamba.

Ari padambelan hamba eta muhdats (anyar). Ari perkara anu datang eta perkara anu bukti eta perkara ti Dzat anu Qodim eta qodim. Jeung ari perkara anu datang eta perkara tina muhdats, eta bukti perkara teh muhdats.
-

TAMAT