Iman Cahaya Hate

ARI IMAN ETA CAHAYA DINA HATE

Di mana ditanyakeun ka anjeun, ari iman narima kabagi atawa henteu? Mangka ari iman eta henteu narima ka bagi, karena iman eta cahaya dina qolbu, hal anu tetep ka Bani Adam, lantaran ari
iman eta hidayah ti Gusti Alloh Ta'ala ka eta jalma.

Saha anu ingkar eta si jalma kana hiji perkara anu tetep kana eta perkara tina hidayah, mangka temen-temen kufur eta si jalma.

Di mana ditanyakeun ka anjeun, naon anu dimaksud iman? Mangka ari iman eta babasaan tina taohid.

Di mana ditanyakeun ka anjeun, ari sholat, puasa, zakat, cinta ka malaikat, cinta kana pirang-pirang kitab, jeung cinta ka
para rosul, jeung cinta kana papasten alus jeung goreng ti Gusti Alloh Ta'ala, jeung salian madkur, tegesna tina parentah kana alus jeung nyegah tina mungkar, jeung anu kana sunnat Kanjeng Nabi saw.

Naha ari anu
cinta teh eta tetep tina iman atawa lain? Jawabna: Lain. Karana saenyana iman eta babasaan tina taohid, jeung ari salian taohid eta syarat anu tetep tina pirang-pirang syaratna iman.

Di mana ditanyakeun ka anjeun, ari iman eta sipat toharoh atawa lain? Mangka ari iman eta Bi Sifati Thoharoh, jeung ari kufur eta tetep Bi Sifati hadats, jeung narima batal kusabab kufur naon sakabeh anggota.

Di mana ditanyakeun ka anjeun, ari iman eta dijieun atawa henteu di jieun? Mangka ari iman eta hidayah ti Gusti Alloh Ta'ala, jeung ngabenerkeun ku hate kana perkara anu datang eta perkara ti Kanjeng Nabi saw mungguh Alloh Ta'ala, jeung ngucap ku lisan.

Ari hidayah damelan Pangeran. Ari damelan Pangeran eta Qodim. Ari ngabenerkeun jeung ngucapkeun eta padamelan hamba.

Ari padambelan hamba eta muhdats (anyar). Ari perkara anu datang eta perkara anu bukti eta perkara ti Dzat anu Qodim eta qodim. Jeung ari perkara anu datang eta perkara tina muhdats, eta bukti perkara teh muhdats.
-

TAMAT